BLOGGER TEMPLATES AND TWITTER BACKGROUNDS

Minggu, 23 Agustus 2009

17'lasan


Wilujeng wayah kie lur...

Teu karasa nya, sakeudeung deui urang bakal ninggalkeun bulan Juli anu hartina isuk pageto bakal nincak kana bulan Agustus, Ilaharna di Indonesia Bulan Agustus teh pasti karasa beda lamun dibandingkeun jeung bulan-bulan anu lain na. Kusabab nya dina bulan Agustus aya tanggal anu pohara di mumule ku sakabeh Bangsa Indonesia boh Pamarentah na kitu deui rahayat na, nya eta Tanggal 17 Agustus anu katelah "Hari Kemerdekaan NKRI".

Tah dina raraga eta bari jeung nyarande dina korsi sabada reureuh tina pagawean sa-popoe, kuring nyobaan nguriling dina Internet, ngan nguriling teh bari jeung teu puguh alamat anu di jugjug.

-heuheu- bieu teh karek kukurilingan dina Alam Maya bari jeung di tutuyun ku Mang Google, lumayan karasa cape oge...tah di tengah jalan kuring manggihan sahiji ning bewara nya eta ngeunaan ayana Sayembara atawa Lomba pikeun blogger anu di ayakeun ku DJ Host (Dijamin Murah).

Sayembara ieu teh anu maksadna pikeun nga"Meriah"keun "HUT Kemerdekaan Republik Indonesia" anu ka 64 (lamun di wewengkon Sunda Majenang mah disebat na teh Sawidak Opat) tahun na. Hadiahna teh -wuiiihhh- -Mantafff !!- diantara na :

0 komentar: